Kampung Nyingkur Pamatri Tali Silaturahmi

.

Nineung

Nineung

Hirup di lembur letik kampung sagari
Mapay-mapay walungan kahirupan
Ngajugjug kota kalimantan
Seja usaha nyiar pangabisa

Mangkat ti jakarta naek garuda
Endah kasorang ka jomantara
Teu kapikir ongkosna sabaraha
Timana ker ngagantina

Tekad jeng niat jadi modalna
Doa indung bapa jadi bentengna
Seja ngumbara nambah pangabisa
Ngamalken elmu nu ladang sakola

1999 pangalaman nu luar biasa
Sanajan sagala tebisa
Tapi tekad nu jadi modalna
Sangkan jaga boga kabisa

Cilik riwut kota letik dipangkalanbun
Pinuh kahirupan nu mawa kenangan
Mimiti di ajar hirup
Gening kie karasana

Ngumbara jauh timana-mana
Komo dei rejeng baraya
Ngumpul jeng papadana
Bari jeng te ngarti bahasana

Poe demi poe ahirna ges kaliwat
Minggu demi minggu geningan kie karasana
Nineung ka kampung sagari
Nineung ka indung bapa

Gening kie nyiar dunnya
Teu ka sawang tianggalna
Hampura euma jeng bapa
Can bisa mulang tarima

Bulan ganti bulan
Tepung gening ka ahirtaun
Lebaran jadi pamatri
Urang bisa mulang ka nagri

Teu karasa sataun ges kaliwat
Sagala nu di lampah
Teu nyambung jeng pangabisa
Ngan hiji nu jadi tekad, kudu nerusken sakola

Hirup di lembur batur
Kudu bisa akur jeng batur
Kade ulah pahiri - hiri
Kudu nyaah kana pati

Nekad hayang mulang kadesa
Alesan kerusuhan sampit
Padahal hayang sakola
Seja nimba pangabisa

Gening kie kurang kabisa
Teu bisa gaul jeng batur
Ngan ukur jadi catur
Tapi teu bisa jadi pangatur

he.....
Tos ah asa wararaas mun nyawang ka baheula

by Putra sagari

0 komentar:

Posting Komentar