Kampung Nyingkur Pamatri Tali Silaturahmi

.

Nyawang Mangsa Katukang

**
Te karaos sataun langkung urang ngumbara
Milari rizki milari pangalaman
Seja di ajar ka kota jakarta
Nyoba lampah ngaguar kabisa

Jakarta
Kota alit anu pinuh ku kahirupan
Kota anu tiasa ngarubah nasib saban manusa
Ku mangrupi-rupi carana

Ngumbara, ngalalana
Pangorbanan anu kacida beratna
Kedah tiasa nitipken diri
Ngajaga tina sagala angkara murka anu te di nyana

Te karaos ngumbara anu sakie lamina
Ninggalken lembur ninggalken baraya
Nineung gening kapilemburan
Ningali cai ngenclang herang sawah sapanjang sawangan

Nineung
Nineng pisan ka lembur kuring
Lembur sagari anu masih asri
Nu jauh tina polusi komo dei pahiri-hiri

Sukasari
Desa nyingkur sisien gunung manglayang
Nu ngajaga kahirupan pangesi desa
Nu mere katentreman patani desa

Cai ngalir cur cor sapanjang masa
Walungan mentas ngabatas desa
Sawah ngaplak nentreumkeun ekonomi desa
Rahayat makmur taya nu menta-menta

Sagari
Leuweung letik sisien lembur tarikolot
Tangkal ngayeh minuhan pangesi leuweung
Hejo ngemplok mun katempo ti sisi desa

Madrasah ngadeg di ujung desa
Tempat kumpul ngahiji ngulik elmu agama
Ngawangun duduluran
Ngabentuk kapribadian

Mun emut mangsa katukang
Mangsa anu pinuh kasenangan
Mangsa urang ker paduduaan
Nyawang kaharep ngabayang hirup paduduaan

Pujaan gening hirup pinuh pangorbanan
Ayena urang pa anggang
Seja usaha milari dunya
Sangkan jaga urang bahagia

Ayena urang tinggal sabarna
Ngajaga sangkan urang saling percaya
Nungu waktu neang mangsa
Urang ngahiji ngabangun rumah tangga

Amun urang saling percaya
Taya basa paanggang jadi panghalang
Jauh jadi ngawengku
Kana cita-cita urang duaan.


nu kangen

Putra sagari



0 komentar:

Posting Komentar