Kampung Nyingkur Pamatri Tali Silaturahmi

.

Paanggang

***

Mun nyawang mangsa katukang
Ras waas ningali sawah nu hejo ngemplok
Dipapaes endahna gunung
Dipapag endahna sora sasatoan

Gunung layang
Ngadeg luhur sanajan tinggal sabelah
Mapaes endahna lembur
Ngajaga pangesi gunung

Monyet, lutung tinggarantung
Ngajaga lestarina gunung
Nyingkahken jelma nu linglung
Sangkan te ngarusak gunung

Mun inget waktu harita
Urang lempang mapay jalan satapak
Ngajug-jug puncakna gunung
Nyawang hanyang ningali kaendahan lembur

Didinya urang duaan
Ngobrol anteng pa ayang-ayang
Calik dina akar panjang
Di ayun ku rasa katineung

Gununglayang
Pangesi putri manglayang
Suganteh bakal jadi saksi
Kana janji paseni urang duaan

Jauh dijug-jug anggang di teang
Lewat gunung mentas wahangan
Suaganteh anjen taya nu nyandang
Ngarep asih suganteh bisa nyanding anjen sorangan

Putra Sagari



0 komentar:

Posting Komentar