Kampung Nyingkur Pamatri Tali Silaturahmi

.

Paturay

Batulicin 2007

Mangkat ti desa seja ngumbara
Neang rasa ngukir carita
Mangkat jauh ti pulau jawa
Ngajug-jug pulau nu panas kabina-bina

Batulicin, awal carita ngaguar dunya
Napak tanah kota pagatan
Seja nyoba hasil sakola
Mupuk elmu ladang guguru

Nyoba diri rejeng kawani
Ngolah lampah anu sok salah
Neang mangsa nu mustari
Seja ngabdi ka ieu nagri

Cocoba datang te dinyana
Carita ngambang lantaran paanggan
Panutan gening rek wani
Lunca linci udar tina pahetna janji

Kamari anjen ges janji
Ngabina silaturahmi
Diwengku ku akad janji
Urang rek pahet ngahiji

Ayena tinggal carita nu moal aya sudana
Niti waktu nu mustari neang mangsa nu sampurna
Saha nu ngahaja rek muka janji satia
Tinggal waktu nu te tangtu nu bisa ngabuktikena

Hirup kudu jeng hurip
Doa kudu jeng usaha
Sagala aya ujungna
Mun urang percaya kanu kawasa

Lain waktu nu mustari
Lain mangsa nusampurna
Tapi jodo jeng pati
Ngan boga ukur mantena

Urang ukur jiga wayang
Usik malik diatur dalang
Laku lampah ulah salah
Milu waktu, salaras jeng pangesi alam

Kahayang tinggal kahayang
Kasuka aya batesna
Kacinta aya sudana
Moal lawas salawasna

Ayena urang ges bebas
Bebas nyawang mangsa nu datang
Ngukir carita anu munggaran
Jeng saha urang babarengan

Ukur kahayang nu masih nyandang
Ngancik na ati ka tali na sanubari
Urang bisa patepang
Dina waktos nu can ka sawang

Kakasih
Ngan anjen panutan ati
Nu di sawang siang jeng wengi
Suganteh bakal ngahiji


Mapag silaturahmi


Putra Sagari




0 komentar:

Posting Komentar